GURU PAPORIT
Jam istirahat kadua lekasan. Teuing kumaha saréngséna istirahat kaayaan di kelas téh sok kurang hadé. Nu ngobrol angger anteng neruskeun paguneman, nu ngopi terus ngahanca opieun. Kaasup kuring sok anteng diuk di tukang ngariung jeung babaturan.
Kelas XI MIPA2 nu récét ngadadak simpé waktu Ibu Kepala lebet ka kelas. “Ieu Pa Irpan, guru Basa Sunda anu ngagentos Bu Lilis.” Ibu Kepala ngawanohkeun gaganti Bu Lilis nu cuti ngalahirkeun.
Pa Irpan ngabsén bari wawanohan. Kuring olohok mata simeuteun nengetan dedeganana, rupana. ‘Hmm, sigana diajar sareng Pa Irpan asik da. Seger, moal matak tunduh masing jam pelajaran terahir gé,’ haté ngagerentes.
“Pani!” ngaran kuring disebut.
“Eh, iya, Pa!” Kuring kagareuwah, ngacungkeun leungeun bari samar polah. Ger… babaturan nyeungseurikeun. Tada teuing beureum ieu bengeut, da karasa asa ngahéab panas.
Teu jauh tina sanggkaan, diajar ku Pa Irpan téh asik. Teuing resep ku kasépna teuing resep ku gaya ngajarna. Da asa piraku resep ku pangajaranana mah, apan puguh basa Sunda téh kaasup pangajaran nu bangga pikeun kuring mah. Ti SD mula can pernah kacangkem pangajaran basa Sunda, peunteun gé pas-pasan. Sakalina aya pancén basa Sunda, bagéan indung kuring nu ngabantuan ngawartosan naon maksud jeung eusina.
Kuring nu biasana seunggah ku pangajaran basa Sunda, jadi sumanget. Malah asa kesel mun nungguan poé Saptu téh, bakat ku hayang geura diajar basa Sunda.
Ari dileukeunan bari aléwoh mah teu burung peunteun téh alus waé. Malah kapeto ngilu lomba Pidato Basa Sunda dina Pasanggiri Bahasa, Sastra, Aksara, dan Kesenian Sunda tingkat SMA sakabupatén. Dibingbing ku Pa Irpan, kuring jadi juara I. Ti dinya kuring jeung Pa Irpan jadi leuwih akrab.
Hiji waktu bérés jam pangajaran basa Sunda, ngahaja teu buru-buru ka luar. Mérésan buku gé dilila-lila. Geus puguh babaturan ka laluar, kuring nyampeurkeun Pa Irpan bari ngagero. “Bapa…!” Deg, Pa Irpan ngarandeg. “Pa, Irpan-Pani. Pas, nya?” cekéng. Pa Irpan imut, laju ka luar kelas.
Bungah tepung jeung poé Saptu téh. Sumanget ka sakola, jeung sok hayang dangdan. Pangpangna mah nungguan pangajaran Basa Sunda. Nyaan beuki resep waé diajar basa Sunda téh. Méh teu karasa, bél jam kadalapan disada. Pa Irpan mungkas pangajaran. Sakelas hideng mérésan buku, rék marulang. Kuring satengah lumpat ngudag Pa Irpan ka luar kelas. “Pa…engké malem Minggu, pan?” cekéng,
“Muhun.Leres. Upami siangna dinten Saptu, wengina nya malem Minggu.” waler Pa Irpan. “Pani badé ameng ka bumi Bapa.” cék kuring satengah ngaharéwos. Pa Irpan ukur imut bari lebet ka ruang guru.
Pasosoré mapay alamat Pa Irpan. Anjog ka hiji imah, naros ka ibu-ibu nu nuju sasapu di buruan. “Punten Bu, dupi bumi Pa Irpan di palih mana?” Nu di taros liren sasapu,
“Ieu bumi Pa Irpan. Mangga lingih. Sakedapnya, Bapa nuju di jamban.” pokna bari terus ninggalkeun kuring sorangan di rohang tamu. Diuk na korsi nu pangdeukeutna ka lawang panto. Enya gé geus akrab di sakola, haté ratug sumolondo ka imah guru. Tamba kesel nungguan, hapé jadi panglumpatan. Bosen mukaan hapé, alak-ilik ka sabudeureun rohang tamu. Rohangan camperenik tapi kaurus, resik tur barérés. Reg, panon eureun palebah pigura na témbok. Disampeurkeun hayang sidik. Gebeg! Poto Pa Irpan nuju panganténan.
Soré nu cangra ngadadak aleum.
===
Aini Mardiyah, S.Pd.I. Lahir di Bandung, 26 Nopember 1975.
Guru Taman Kanak-kanak tahun 1994-2004 di Bandung. Tahun 2004 sampai sekarang sebagai Kepala TK AR-ROJA Kabupaten Garut. Tahun 2021 terpilih sebagai Kepala Sekolah Penggerak Angkatan pertama
Menulis sejak 1995. Kontributor SWAKA (Suara Kampus) IAIN Sunan Bandung. Bergabung di komunitas Fiksimini Basa Sunda (FBS). Menulis Fiksimini Bahasa Indonesia dan cerpen. Beberapa karya dimuat di media cetak juga buku antologi. Mengenal menulis artikel saat bergabung di Komunitas Pustaka Sunda (PS). Dimuat di Majalah Sunda Midang, Majalah Pendidikan Kandaga, serta menjadi kontributor majalah Jaleuleu. Menulis Carpon (Carita Pondok) dimuat di Majalah Mangle serta Antologi. Bergabung dalam Komunitas Pengajar Penulis Jawa Barat (KPPJB) menghasilkan beberapa buku antologi puisi Akrostik, Legenda dan Dongeng, Best Practice, Kumpulan Kisah, Dongeng Integritas, juga Esai. Beberapa karya Fiksimini dan Travel Writing satu buku bersama Duta Baca Indonesia, Gol A Gong.