HARIRING NU KUNGSI NYANDING

 

Purnama nu kungsi nyanding

Ayeuna nganjang kaburuan deui

Anu kungsi kapiati

Kiwari urang ditepangkeun deui

Hariring nu kungsi nyanding

Ayeuna datang ngahaleuang deui

Hayu pataréma tineung

Cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu éndah

Hayu urang suka bungah

Caang bulan opat belas

Narawangan ati bangblas

 

Kadéngé nu ngahaleuang tembang Sunda klasik ciptaan Mang Koko “Hariring nu kungsi nyanding” ngabagéakeun tim asésor ti BAN-PDM Provinsi Jawa Barat, nu rék visitasi di éta sakola. Tembang dipirig ku gamelan lingkung seni éta sakola. Nayagana barudak, iwal ti nu nabeuh kendang jeung juru kawihna. Wanoja geulis, pangawakan lenjang, jeung sorana halimpu, sihoréng guru seni nu sok ngabingbing siswa dina kagiatan ekstra kurikuler seni. Kuring, babaturan kuring jeung Pupuhu éta sakola ngajanteng ngadéngékeun halimpuna sora nu nembang. Diimeutan nu nembang téh, rada reuwas ogé, ceplés manéhna nu kungsi nyanding dina haté kuring, nu kiwari teuing ka mana teu puguh raratanana. Cenah mah dibawa ku salakina ka nagri sebrang. Kuring jeung manéhna papisah alatan kolotna teu panujueun lantaran kaayaan kuring nu batan sakieu, tuna harta, tuna pangabisa. Padahal manéhna mah gedé pisan duriatna ka kuring téh. Lain teu wani kuring nyarita ka kolotna, tapi dicaram teu meunang nepungan, lantaran manéhna geus aya nu boga. Teuing enya henteuna mah da geuning manéhna mah sakitu miharepna ka kuring téh. Alesan kolotna waé, sangkan kuring teu terus miharep manéhna.

“Mangga linggih, Pa ka palih dieu!” Pupuhu éta sakola nitah kuring asup ka ruangan anu geus disadiakeun pikeun kagiatan temu awal visitasi. Rada ngarenjag ogé, sasat keur ngalamun ngimpleng ka mangsa katukang.

“Mangga, Pa!” ceuk kuring bari rampang-reumpeung, terus nuturkeun pupuhu éta sakola ka ruangan nu dituduhkeun tadi. Barang kuring ngaliwat ka Bu guru nu ngahaleuang téa, manéhna imut galenyu ngabagéakeun kuring saparakanca. Kuring unggeuk bari imut. Aya rasa nu teu puguh dina haté. Tuda teu kitu kumaha, éta raray Bu guru téh ceplés manéhna.

Acara temu awal dimimitian pukul 8.00 WIB. Saperti biasa dimimitian ku bubuka macakeun ayat suci al Quran, saterusna nyanyi lagu kebangsaan Indonésia Raya, ditutup ku du’a. nu saterusna pangbagéa. Kahiji ti pupuhu sakola diteruskeun ku pengawas damping, komite nu pamungkas ti tim asésor. Sanggeus acara temu awal réngsé diteruskeun kana acara visitasi, dimimitian ngagali data ngaliwatan dokumén jeung wawancara. Pangheulana kabagéan wawacara nya éta komité sakola jeung wawakil ti kolot murid. Bérés ngawawancara ketua komite jeung wawakil ti kolot murid, diteruskeun ngawawancara pupuhu sakolana jeung guru-guru nu aya di éta sakola.

Lumayan rada lila ogé ngawawancara téh da kudu keuna kana sasaran luyu jeung instrumén akreditasi nu anyar. Lian ti éta, kudu bisa meunang bukti dukungna deuih. Kudu difotoan atawa discreensoot lamun filena geus aya dina leptof mah. Leukleuk ogé, béda jeung indtrumén nu tiheula teu tepikeun kana bukti fisik nu kudu difotoan. Harita mah cukup katerangan ti guru diluyukeun jeung dokumén nu aya. Lian ti éta hasil obeservasi ogé teu tinggaleun jadi bukti fisik pikeun nangtukeun keuna henteuna kana indikator unggal butir.

Waktu wawancara jeung guru-guru, teu katénjo Bu guru seni mah, duka di mana. Naha ngahaja teu kaluar da acan waktuna atawa memang aya pagawéan séjén nu geus ditangtukeun ku sakola. Lantaran unggal guru katénjona téh geus dibéré pancén séwang-séwangan. Poé éta mah teu panggih deui iwal ti tadi waktu ngabagéakeun.

“Pa Kepala, dupi lingkung seni nu tadi mapag téh hasil pangajaran ekstra kurilkulér?” Kuring nanya ka Pupuhu éta sakola waktu acara wawancara ngeunaan ekstra kurikulér.

“Muhun, Pa. Guruna ogé husus guru seni. Anjeunna alumni ti SMK Seni nu aya di Banjar. Malih SD na mah alumni ti SD ieu.” Bapa pupuhu sakola nerangkeun ngeunaan guru seni téa. “Mung, hanjakal anjeunna téh teu acan S.1.” Reg nyaritana ngarandeg. Saterusna, “Namung, potensina saé pisan. Numawi ku abdi diajak di dieu pikeun ngalatih murangkalih dina widang seni, hususna seni Sunda. Katingal ku Bapa ogé, kaparigelan barudak dina nabeuh gamelan tadi. Éta téh hasil ngalatih anjeunna.” Pupuhu sakola ngajéntrékeun panjang lebar.

“Oh kitu nya Pa. Hanjakal teu acan S.1.” ceuk kuring bari nyeklisan instrumén nu aya dina leptof. “Pami tiasa mah pasihan motivasi pikeun neraskeun kuliah ka PGSD supados linier ngawulangna di SD.“ Ceuk kuring bari terus nanya deui.

“Dupi prestasi siswa dina bidang seni, kumaha Pa?”

“Alhamdulillah dugi ka Tingkat kecamatan mah seueur nu janten juara.” Témbal pupuhu sakola. “Tah ieu, Pa daptar pamilon waktos ngiringan lomba-lomba seni tingkat kacamatan.” Manéhna neruskeun deui caritaanana sarta mikeun daftar pamilon kajuaraan. Kuring nampa daptar pamilon  nu miluan lomba-lomba seni tingkat kecamatan.

Bukti pisik unggal indikator kudu kabawa poé éta, lantaran lamun henteu sok poho deui. Salah saurang guru ku kuring dititah, nyatet bukti pisik naon waé nu kudu aya, terus difotoan dumasar kana pituduh nu aya dina pedoman akreditasi pikeun Asesor jeung Lembaga satuan Pendidikan.

Sajeroning ngawawancara, panon mah teu leupas ka lawang panto sugan jeung sugan Bu guru seni asup ka ruangan visitasi. Tapi nu dianti lebeng teu katémbong irung-irungna acan. Tapi, sok sanajan kitu, kuring tetep professional, nganilai sakola dumasar kana bukti fisik nu nyampak, hasil wawancara jeung observasi.

Alhamdulillah proses visitasi dina poé ka hiji réngsé tepi ka jam lima soré. Tapi da teu réngsé sagemblengna sabab masih aya kénéh bukti fisik nu teu acan kumplit, ditambah observasi kelas jeung lingkungan belajar dina poé nu kadua.

“Bapa sinareng ibu guru, alhamdulillah dina dinten ieu urang parantos ngaréngsékeun visitasi tahap kahiji. Insya Alloh enjing urang teraskeun deui visitasi ngagali data ngalangkungan observasi kelas sareng observasi lingkungan pembelajaran. Mugi-mugi waé urang sadaya tiasa ngalaksanakeunana dina kaayaan séhat walafiat.” Kuring nutup kagiatan visitasi poé éta. Geus kitu kuring pamitan ka sakabéh nu aya di dinya sarta kuring duaan dijajap ka panginepan nu teu jauh ti sakola bari mawa haté panasaran lantaran teu panggih deui jeung Bu guru nu nembangkeun “Hariring nu Kungsi Nyanding” téa.

Tepi ka penginapan, “Hotél Berdiri”, awak karasa lungé. Terus ngagolér, da solat asar mah enggeus di musola Sakola nu divisitasi. Bari ngareureuhkeun kacapé, bruh bréh lalakon mangsa katukang narémbongan mangsa kuring masih hahadéan jeung manéhna nu kiwari teuing di mana. Haté masih kénéh miharep manéhna datang sok sanajan ukur dina impian.

“Kang, Naha leres akang micinta ka abdi?” manéhna neuteup ka kuring pinuh pangharepan.

“Leres, geulis akang leres-leres micinta ka neng. Geuning neng naros kitu sapertos nu cangcaya?” témbal kuring bari sarua neuteup seukeut ka manéhna.

“Henteu, Kang. Abdi percanten ka akang.”

Dua teuteupan paamprok. Duh Gusti, éta soca, pangambung. Komo éta lambey mani galing sarta beureum semu ambucuy lir ibarat buah dalima. Harita haté kuring pinuh ku kabagjaan. Alam dunya téh asa nu duaan. Cipanas Galunggung jadi saksi antara kuring jeung manéhna. Jangji rék silih mikanyaah, silih mikacinta. Angin ngahiliwir, mépés rasa bayeungyang. Dangdaunan tina tangkal nu aya sabudeureun tempat kuring diuk paduduaan patingkérésék kawas nu ngabagéakeun dua nonoman nu geus ngedalkeun janji pasini.

“Alloh hu akbar… Allohu akbar!” Kadéngé sora adan ti masjid nu aya di sabudeureun hotel.

“Astagfirullohaladim. Geuning geus magrib deui.” Gerentes haté kuring bari nguniang hudang, terus muru kamar mandi rék wudu nu saterusna ngalaksanakeun solat magrib.

Poé kadua jam dalapan geus aya di sakola. Saméméh visitasi kuring reureuh heula di ruangan waktu wawancara jeung guru. Teu kungsi lila aya guru asup ka éta ruangan bari nanggeuy baki nu dieusian ku dua gelas cikopi panas.

“Wilujeng enjing, Pa!” sora halimpu nu kamari nembangkeun “Hariring Kuring”.  Manéhna imut ka kuring jeung ka anu aya di dinya.

“Tah geuning aya, isuk-isuk geus ngabagéakeun ku cikopi panas.” Gerentes haté keuring nu harita bungah kacida nenjo nu geulis datang nyampeurkeun bari mawa cikopi.

“Wilujeng enjing, Néng!” témbal kuring jeung nu séjénna. Ngaenéngkeun sotéh pédah manéhna mah ngora kénéh. Haté mimiti ratug, teuing kunaon. Jigana mah pédah manéna ceplés jeung panutan nu teu tulus téa.

“Damang, néng?” Kuring ngabagéakeun nu imut isuk-isuk. Sok sanajan haté ratug, diteger-tegerkeun wé.

“Alhamdulillah pangesto! Samulihna, Bapa damang?” témbalna, bari teu weléh imut sarta malih nanya ka kuring.

“Alhamdulillah aya penghibar ti sadayana.” Témbal kuring.

“Mangga dileueut kopina, Pa!”

“Muhun, mangga, Néng. Hatur nuhun!”

Réngsé nginum kopi, kuring jeung partner ngayakeun observasi kelas. Kabeneran kuring ngaobservasi kelas 2. Katénjo barudak antusias dina kagiatan pembelajaran téh. Sok sanajan guru lalaki, tapi geus parigel dina ngalaksanakeun prosés pembelajaran di kelas 2. Manéhna bisa ngimbangan kahayang jeung kabutuh muridna. Éta pisan anu kudu dilakukeun ku sakabéh guru, bisa museur kana kabutuhan siswa. Media pembelajaran nu digunakan geus berbasis IT, ogé ditambah ku rupa-rupa asesmen nu dibikeun ka siswa.

Bérés observasi kuring ngawawancara murid pikeun ngagali data nu aya patalina jeung prosés pembelajaran sarta lingkungan pembelajaran. Saregep budak téh, teu katénjo éra atawa kaku dina ngajawabna lantaran geus biasa interaksi setara dilaksanakeun di éta sakola. Jadi, budak téh dina nyaritana lancar.

Réngsé wawancara diteruskeun kana observasi lingkungan pembelajaran. Teu dihaja kuring asup ka ruang UKS, kasampak bu guru nu tadi nyodorkeun kopi panas téh nju calik.

“Eh, Bapa, aya nu tiasa dibantos?” manéhna nanya bari teu weléh imut. Kuring neger-neger manéh.

“Dupi ieu ruang UKS?”

“Leres, Pa.”

“Aya kotak P3K na?”

“Aya ieu, Pa.” cenah bari nyodorkeun kotak P3K. Eta ruangan ku kuring dipotoan, teu tinggaleun kotak P3K ogé jadwal piketna.

Réngsé ti ruangan UKS kuring neruskeun deui observasi ka nu séjénna.

“Urang sarengan, Pa bilih badé kanu sanésna,” cenah bari leumpang nuturkeun kuring.

“Nyiar-nyiar piatoheun,” gerentes hate kuring bari seuri.

Bus ka Ruang perpustakaan, katénjo bukuna disusun rapih pisan. Lian ti buku bacaeun, aya buku kunjungan, buku catetan nu nginjeum buku jeung kotak paragi kartu katalog.

“Dupi murangkalih nambut bukuna iraha waé?”

“Unggal dinten dina waktos istirahat, Pa!”

“Oh muhun,”

Salila kukuringan observasi di lingkungan sakola, kuring uplek ngobrol ngalér ngidul ti mimiti perkara sakola tepi ka pribadina. Sihoréng manéhna téh masih lalagasan. Teu karasa waktu téh asa sajorélat, geuning geus manjing solat duhur. Kadéngé adan méré tangara ngajak solat ka umat Islam ti masjid nu teu jauh ti dinya.

“Alhamdulillah tos duhur geuning, Néng!”

“Muhun, Pa. mangga atuh bilih badé netepan duhur heula!”

Kuring, partner, jeung guru-guru lalaki muru ka masjid deukeut sakola. Terus ngalaksanakeun kawajiban umat Islam, nyaeta ngalaksanakeun solat duhur. Réngé solat, kabéhanana karumpul deui di ruangan nu tadi.

“Taruang heula, Pa saaya-aya!” Ceuk pupuhu éta sakola.

“Nuhun, Pa,” témbal kuring bari muka sangu dus nu geus nyampak dina méja tempat kuring diuk. Nyakitu deui nu séjénna. Réngsé dalahar, sakabéh warga sakola kumpul di éta ruangan pikeun ngayakeun temu akhir atawa panutupan. Teu lila, ngan ukur nepikeun temuan jeung saran pikeun kamajuan mutu Pendidikan di éta sakola. Acara panutupan, dipungkas ku hiburan, nya éta Néng guru seni téa midangkeun dua tembang Sunda. Nu matak tibelat téh manéhna ngahaleuangkeun tembang nu judulna “Emut Baé” ciptaan Deddy Odoy “ Lagu éta téh, dipopulérkeun ku Hety Koes Endang.

Salila ngahaleuang, manéhna teu weleh imut ngagelenyu. Rengkak paripolahna ngahudang rasa panasaran nu nénjona. Sora halimpu mawa kana implengan mangsa katukang waktu panutan nu kiwari teu aya laratanana, pamitan.

“Kang, rupina urang moal tiasa neraskeun patali asih nu parantos paheut, margi abdi badé dirérémokeun ka putra wargi ti ibu.” Ceuk manéhna bari rambisak nahan piceurikeun. Sajongjonan kuring molohok teu bisa nyarita. Rarasaan asa dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Teu nyangka ti tadina, manéhna bakal nyarita kitu. Geus sadar pok kuring nyarita.

“Hanjakal… urang teu tiasa dugi ka balényungcung, padahal duriat urang duaan sakitu ageungna. Rupina, takdir ti Gusti  parantos kitu, urang teu tiasa neraskeun duriat urang duaan. Mugi-mugi waé néng pinanggih kabagjaan sareng jajaka pilihan ibu néng.” Ngadéngé caritaan kuring kitu, manéhna ngagabrug nangkeup tipepereket bari ceurik. Ku kuring diusapan rambutna nu panjang ngarumbay pinuh kageugeut. Teu kungsi lila manéhna ngaleupaskeun rangkulanana. Bari nginghak, manéhna nyarita.

“Kang, Abdi hapunten. Abdi pamit, mugia urang tiasa ditepangkeun deui.”

“Sami-sami akang ogé neda sihapunten samudaya kalepatan.” Témbal kuring bari neuteup manéhna nu masih rambisak. Teu panjang cumarita harita mah, biwir téh asa diwengku. Geus kitu, manéhna ngaléos ninggalkeun kuring nu masih kénéh hookeun ku kajadian harita.

 

Lain ti baheula atuh, Kang

Urang téh patepang

Ieu haté abdi atuh, Kang

Émut baé ka Engkang

Teu beunang dipapalérkeun

Teu beunang dibébénjokeun

 

Dipapareng, sugan jaga

Éndah mun laksana

Wengi asih nu duaan

Imut bagja tinekanan

 

Dipapareng, sugan jaga

Éndah mun laksana

Wengi asih nu duaan

Imut bagja tinekanan

 

Aduh, Engkang

Émut baé ka Engkang

Aduh, Engkang

Abdi kabiruyungan

 

Sora nu halimpu ngabuyarkeun lamunan kuring. Tembang “Emut Baé” ciptaan Kang Deddy Odoy  ngahudang rasa hayang leuwih wanoh ka nu ngahaleuangkeunana sok sanajan tepi ka balik deui ka penginapan teu apal saha ngaranna téh. Cag!

***

 

Singaparna, 23 September 2024