DEDEUH TEUING
Deudeuh teuing ieu hatè
Beurang peuting teu bisa sarè
Mung imut salira nu dipèpèndè
Tapi naha salira teu malirè
Deudeuh teuing ieu rasa
Beurang peuting teu mirasa
Midangdam diri salira
Tapi naha ieu rasa bet digunasika
Deudeuh teuing ieu tresna
Kembang nu mangkak na jero dada
Mung ukur kanggo salira
Tapi naha bet teu mirosèa
Sedih kingkin ngamalir
Mareuman gebur ka sono nu beuki moho
Baruk…
Gening hatè, rasa jeung ieu katresna tèh nogèncang
Kadeudeuh kanyaah salira
Pikeun nu lian
NYA, DALAH DI KUMAHA
Beungkeut geugeut beuki layeut
Simpay kinasih nambah asih
Nyingraykeun rasa kasedih
Ngahudangkeun rasa ka meumeut
Geugeut ku kahèman salira
Meumeut ku rindat salira
Nu lawas ilang taya iberna
Nu lami leungit taya kalangkangna
Kiwari…
Dalingding rumpaka tresna
Nu pernah ilang sirna
Ngagalindeng deui
Nya…
Dalah di kumaha atuh
Ieu rasa geus matuh
Ieu deudeuh geus maneuh
Mung kanggè salira nu taya duana
Ti baheula
Geter tresna ieu keur salira
Ti Barèto
Gebur ka sono ieu mung keur anjeun
Hamo dibikeun ka deungeun
Cipeundeuy, 2 Juni 2024